Actions

Work Header

Pepende

Summary:

Di hiji lembur anu asri di Jawa Barat, Akang Hades hirup tenang jadi patani anu dipihormat. Hirupna anu kalem robah jadi "chaotic" saprak kadatangan Asep Qin, budak kota anu super maceuh, hobi bodor, sarta mindeng ngalakukeun hal-hal anu teu asup akal.

(Sundanese AU)

Notes:

Halo semua, fanfiction ini literally semuanya dalam bahasa Sunda.

Chapter 1: Kanyaah di Pengkolan Sawah

Chapter Text

Hiji poe anu panas mentrang-mentrang, Asep Qin keur leumpang di sisi sawah bari mawa palastik seblak anu lada na menta ampun. Manehna gaya pisan make kacamata hideung bari leumpang jigrah.

"Hao! Ieu hawa teh panas pisan, tapi seblak Mang Oleh mah tetep nomor hiji!" gerentes Qin bari nyuap seblak.

Tapi dasar keur apes, Qin tiroseled kana leutak sawah gara-gara nempo aya cakcak keur gelut. "Aduuuh! Gusti! Seblak uing baheeee!" jerit Qin bari gubrag kana leutak.

Ti kajauhan, aya saurang lalaki jangkung, kasepna siga aktor drakor tapi make kaos sangsang jeung sarung ditalian kana cangkeng. Eta teh Akang Hades. Hades nyampeurkeun bari mawa pacul.

"Eh, naha eta teh aya nu ngojay dina leutak?" tanya Hades ku sora nu ngebass pisan.

Qin neuteup ka luhur. Manehna nempo Hades anu kasorot cahaya panonpoe ti tukang. Duh, kasep pisan ieu Akang tani teh! Qin langsung poho yen manehna keur pinuh ku leutak.

"Kang... tulungan... seblak uing maot..." ceuk Qin bari sedih

Hades seuri leutik (nu matak nyieun awewe sakampung pingsan). Manehna ngasongkeun tanganna nu badag. "Mugia amal ibadah seblakna ditarimakeun ku Gusti… Sok, dieu dicepeul tanganna. Tong mikiran seblak wae ah, engke ku Akang dipangmeulikeun deui nu leuwih loba jeung leuwih lada."

Qin nyekel leungeun Hades. Karasa haneut jeung kuat pisan. "Akang bageur pisan... naha Akang kasep-kasep teuing?" ceuk Qin polos bari meresihan leutak dina pipina.

Hades rada bareureum pipina. "Ah, biasa wae. Hayu ka imah Akang, urang meresihan awak. Karunya eta beungeut kasep teh jadi jiga bola leutak."

Sanggeus Qin beberesih, Hades beneran nedunan jangjina. Manehna mangmeulikeun seblak pangladana panglobana sa-Kecamatan ditambah kerupuk banjur.

Maranéhna diuk duaan di tepas imah Hades bari nempo panonpoe surup.

"Zheng," ceuk Hades (manehna sok manggil Qin ku ngaran aslina mun keur duaan). "Naha maneh bet betah di lembur kieu? Padahal di kota mah loba mall."

Qin nyarandé kana taktak Hades anu rubak. "Di kota mah gandeng, Kang. Emosi batur teh karasa pisan ka kuring, matak sok rieut hulu. Tapi mun di gigireun Akang... asa tiis. Akang teh siga tangkal caringin, adem."

Hades ngusap buuk Qin bari neuteup deudeuh. "Akang mah jalma biasa, ngan boga salah jeung sawah.”

“Bisaan si Akang.”

“Tapi mun Zheng hayang cicing di dieu salawasna, Akang bakal ngajaga Zheng meh teu tiroseled deui kana sawah."

Qin seuri bungah pisan. "Hao! Jadi Akang teh nembak kuring?"

Hades nyiwit pipi Qin. "Lain nembak, ieu mah kontrak saumur hirup. Daek teu jadi babaturan Akang ngurus sawah jeung ngurus hate?"

Qin langsung nangkeup Hades tarik pisan. "Daek pisan, Akang kasep! Tapi engke sore pangmeulikeun deui seblak nya?"

Hades ngan bisa seuri bari gogodeg. "Heueuh, sagala ge dibéré ku Akang mah, asal Zheng tong ceurik deui gara-gara seblak bahe."

Wengi eta, di lembur anu sunyi, aya dua raja—nu hiji raja tanah, nu hiji raja seblak—nu keur silih pikanyaah dina luhur samak bari nempo bentang.

TBC